Pupuh Wirangrong Vokal 2 Rambahan (Lirik di Déskripsi)|| Mang Koko, Barudak mangka ...
Автор: SD Palasari Rongga
Загружено: 2026-01-20
Просмотров: 223
Описание:
Pupuh Wirangrong Vokal 2 Rambahan (Lirik di Déskripsi)|| Mang Koko, Barudak mangka ...
Laras : Pélog/Degung
Surupan : 1 = Tugu
Barudak mangka ngalarti
Ulah rék kadalon-dalon
Enggon-enggon nungtut élmu
Mangka getol mangka tigin
Pibekeleun saréréa
Modal bakti ka nagara
Nagara jeung lemah cai
Perlu pangjaring pangrojong
Pamumulé panyarungsum
Malar tetep jaya sakti
Nagara tetep merdéka
Sampurna mukti wibawa
TANDAK/PANAMBIH
Hé barudak mangka ngarti
Ulah rék kadalon-dalon
Nungtut élmu jeung pangarti
Masing rajin soson-soson
Pibekeleun hirup tandang
Modal bakti ka nagara
Lemah cai anu urang
Perlu dijaga dibéla
Indonésia nu merdéka
Perlu pangrojong pangjaring
Pamumulé nu sampurna
Pangraksa beurang jeung peuting
Malar nagri jaya sakti
Pinareng unggah darajat
Kaagungan lemah cai
Wajib dijaga dirumat
tag:
#pupuhwirangrong
#17pupuh
#lombapupuh
#ftbi
Повторяем попытку...
Доступные форматы для скачивания:
Скачать видео
-
Информация по загрузке: