Pupuh Asmarandana Vokal 3 Rambahan (Lirik di Deskripsi) || Mang Koko, Aya nu lumpuh ...
Автор: SD Palasari Rongga
Загружено: 2026-01-30
Просмотров: 144
Описание:
Pupuh Asmarandana Vokal 3 Rambahan (Lirik di Deskripsi) || Mang Koko, Aya nu lumpuh ...
PUPUH ASMARANDANA
Laras : Pélog/Degung
Surupan : 1 = Tugu
*BEBAS WIRAHMA
Aya nu lumpuh musapir
Bari sila sisi jalan
Kadupak ku anu lolong
Anu eukeur balangsiar
Néangan sandang pangan
Anu lolong gebut labuh
Nu kadupak katindihan
Duanana pada nyeri
Anu kadupak nyarékan
Nu ngadupak bati bengong
Sasadu ménta hampura
Lantaran henteu awas
Akhirna pada sasadu
Pada-pada henteu terang
Ahirna jadi ngahiji
Sosobatan dalit pisan
Ki lumpuh terus diakod
Ku ki lolong anu bedas
Tatapi henteu awas
Ku pitulungna ki lumpuh
Bisa ngider ka mamana
*TANDAK/PANAMBIH
Nu lolong teu bisa ningal
Nu lumpuh teu bisa leumpang
Mun pareng pada barengal
Antukna pabedang-bedang
Nu lumpuh reujeung nu lolong
Mun daék garotong royong
Nu lumpuh sadrah di gandong
Nu lolong moal ti tajong
#lombapupuh
#pupuhasmarandana
#17pupuh
#ftbi
#pupuhmangkoko
Повторяем попытку...
Доступные форматы для скачивания:
Скачать видео
-
Информация по загрузке: