Bandung Bandawasa Nitis (Buahdua, 2003) - H. Asep Sunandar Sunarya
Автор: Akoer Lah II
Загружено: 2025-02-15
Просмотров: 92313
Описание:
Misi dibuatnya channel ini adalah dalam rangka pelestarian budaya lokal (folklore) Jawa Barat yang memiliki kearifan lokal (local wisdom) yang adiluhung. Pelestarian budaya tersebut di antaranya dengan cara pengarsipan digital kesenian-kesenian lawas tradisional rakyat Jawa Barat dari sumber aslinya (primer). Pengarsipan budaya tersebut dipublikasikan melalui media sosial seperti YouTube agar dikenal kembali oleh para generasi penerus.
Kesenian-kesenian tersebut di antaranya seni musik, seni tari, adat-istiadat/tradisi, sandiwara rakyat, seni pertunjukan (wayang golek/puppet show), dan sebagainya. Tentunya konten-konten yang dibuat sudah dimodifikasi sedemikian rupa melalui proses editing dan bersifat unik serta ditambahkan deskripsi atau sinopsis dari setiap konten video agar memiliki nilai hiburan dan edukasi yang signifikan bagi para penggemar budaya Sunda.
=============================
Pagelaran wayang golék Giriharja 3 pingpinan Ki Dalang H. Asép Sunandar Sunarya ieu waktu ngagejrak di Dusun Cinungku Desa Buahdua Kab. Sumedang. Dina raraga sukuran jatukaramina Umay Hadijah sareng Taufik Ismail putrana Bapa Iwir Wiratma sareng Ibu Cicih, tanggal 20 Februari 2003. Tiasa disebat pagelaran lawas. Kaleresan sim kuring gé pituin warga Buahdua sareng nonton pagelaran ieu.
Mung hapunten pisan, audiona rada kirang saé katambih VCD na teu lengkep nyaéta VCD nu katilu teu aya, teu kapendak dipilarian ku Pa Iwirna nu gaduh hajat. Sarengna deui audiona campur sareng sora nu nongton. Maklum harita mah video shooting masih manual, teu aya alat nu tiasa ngaredam sora nu nongton. Diakalan nganggé Adobe Audition atanapi Audacity tetep teu tiasa misahkeun sora nu nongton sareng sora dalang atanapi gamelan. Kaweruh pribados kana IT masih teu acan hatam, maklum otodidak.
Inti Carita :
Ngeunaan inti carita tangtosna para wargi penggemar wayang golék tos pada aruninga. Séting waktu carita ieu para Pandawa masih nonoman kénéh. Ngalalakonkeun Bima anu nungtut pihak Kurawa mikeun karajaan Astina ka Pandawa tanpa pamitan heula ka ibuna jeung dulur-dulurna. Tapi dina kanyataanana pihak Kurawa jalir jangji. Bima dibobodo supaya ngabukbak Alas Amer nu saterusna katitisan sukma Dewa Bandung Bandawasa.
Carios lengkepna mangga bandungan dugi ka réngsé. Mudah-mudahan pintonan wayang golék ieu janten gambaran ka urang sadayana, teu sakadar hiburan tapi malah mandar tongtonan jadi tungtunan, gogonjakan ulah jadi éjékan anggursi jadi ajakan demi kokohna persatuan jeung kesatuan bangsa. Warisan Pa Asep Sunandar moal luntur ku waktu moal laas ku jaman.
Teu hilap ka nu teu acan subscribe channel pribados nu énggal ieu mangga subscribe sareng pencét loncéngna supados uninga pami aya aplodan énggal. Salajengna urang sadayana kintun du’a ka almarhum Pa Asep Sunandar Sunarya, mugia almarhum ditampi iman islamna, dihapunten dosa-dosana, dicaangkeun di alam kuburna, dipaparinan tempat anu mulya mungguhing Allah Swt,. Aamiin Ya Robbal Alamin. Wassalamualaikum Wr. Wb.
Повторяем попытку...
Доступные форматы для скачивания:
Скачать видео
-
Информация по загрузке: