Mamaos Panglawungan Tembang Sunda Pamager Asih, TVRI Bandung 1990
Автор: Akoer Lah II
Загружено: 2025-02-12
Просмотров: 2629
Описание:
Dina aplodan ayeuna badé dipidangkeun heula tembang sunda atanapi mamaos cianjuran. Supados teu monoton wayang golék terus. Ieu mah husus kanggo nu kalandep kana tembang sunda cianjuran.
Sapertos nu tos dijelaskeun dina deskripsi channel yén misi didamelna channel ieu nyaéta dina raraga ngalestarikeun budaya lokal Jawa Barat nu miboga kajembaran wewengkon nu adiluhung. Cara ngalestarikeun kesenian tradisional Jawa Barat diantawisna pengarsipan digital ngalangkungan média sosial sapertos Youtube. Malah mandar para generasi penerus atanapi generasi ngora ayeuna teu dugikeun ngahilapkeun kasenian warisan para karuhun.
Mamaos Panglawungan Tembang Sunda Pamager Asih ieu mangrupakeun rékaman lawas nu digelar di Studio TVRI Bandung, 21 Oktober 1990. Video ieu kénging ngarékam urang Walanda nyaéta Wim van Zanten.
Juru Mamaos : Pa R. Achmad (alm), Bu Rina Oesman, Kang Asep Kosasih, Bu Yayah Rohaeti, Kang Heri Suheryanto, Bu Enah Sukaenah sareng sajabina.
Kacapi Indung : Pa Tata Darmita (alm), Kang Tatang Sobari
Kacapi Rincik : Pa Entis (alm)
Rebab : Pa Dacep Eddy (alm)
Suling : Kang Iwan Mulyana
Wilujeng ngadangukeun, teu hilap ka nu teu acan subscribe channel pribados nu énggal ieu mangga subscribe sareng pencét tombol loncéngna. Wassalamualaikum Wr. Wb.
Повторяем попытку...
Доступные форматы для скачивания:
Скачать видео
-
Информация по загрузке: