Wayang Golek GH2 Sayembara Dewi Subadra (Audio Panggung, 1992) - H. Ade Kosasih Sunarya
Автор: Akoer Lah
Загружено: 2023-03-12
Просмотров: 85904
Описание:
Tema : Upaya pelestarian kesenian wayang golek melalui media sosial.
Pagelaran wayang golék Giriharja 2 pingpinan H. Adé Kosasih Sunarya ieu mangrupakeun rékaman audio panggung waktu ngagejrak di Pasantrén Al-Mas'udiyah Rindu Alam, Buniayu, Nyalindung, Sukabumi nu dipingpin ku Almukarom Abah Didi (K.H. Syekh Ibnu Mas'ud Rd. Didi Djajadinata), antara bulan Juni taun 1992-1993.
Dina video ieu nyobian nganggé visualisasi boh video live atawa gambar pasif. Mung sanés pagawéan énténg nyinkronkeun audio rékaman kasét sareng gerak video nu béda panggung sareng durasi. Lakon ieu kantos diaplod dina format video live nu judulna Arjuna Rarabi dua taun kapengker, mung cariosna teu tamat, VCD terahirna teu aya.
SINOPSIS AWAL SAYEMBARA DEWI SUBADRA
Sinigeug. Di Karaton Jenggala Manik Dwarawati, Sri Naléndra Batara Kresna jeung adi beuteungna Padmanegara salaku senopati, kadatangan Gatotkaca nu diutus ka uwana nyaéta Prabu Yudistira. Maksudna mikeun surat ngawakilan adina Arjuna pikeun ngalamar Mayang Arum atawa Déwi Subadra adina Batara Kresna, ogé adina Prabu Baladewa. Mémang antara Arjuna jeung Dewi Subadra tos 3 taun papacangan. Tapi saméméh nyalukan Dewi Subadra, datang rombongan Prabu Baladéwa jeung Resi Dorna sabalad-balad Kurawa ti Astina, nu maksudna sarua rék ngalamar Déwi Subadra. Prabu Baladéwa téh ngawakilan adi beuteungna Burisrawa budakna Prabu Salya (Narasoma) ti Karajaan Mandaraka.
Nyanghareupan dua pihak nu ngalamar Déwi Subadra nu sarua dulur, Prabu Kresna masrahkeun kaputusan ka Subadra saha nu bakal ditarima. Antukna Subadra ngayakeun sayémbara, yén saha-saha nu bisa nyumponan 10 sarat nu diajukeun ku Subadra bakal jadi salakina.
Carios lengkepna mangga bandungan dugi ka réngsé.
Повторяем попытку...
Доступные форматы для скачивания:
Скачать видео
-
Информация по загрузке: