Wayang Golek GH3 Gatotkaca Putra (Audio Panggung, 2004) - H. Asep Sunandar Sunarya
Автор: Akoer Lah
Загружено: 2023-05-02
Просмотров: 38215
Описание:
Tema : Upaya Pelestarian Kesenian Wayang Golek Melalui Media Sosial.
Pagelaran wayang golék Giriharja 3 pingpinan dalang Asép Sunandar Sunarya ieu mangrupakeun rékaman audio panggung waktu ngagejrak di Citepus Pelabuhan Ratu Sukabumi, tanggal 14 Agustus 2004. Hapunten teu gaduh video livena.
=============
Sinopsis Awal Carita
Sinigeug, di Karaton Karajaan Tirtadahana, raja sepuh kakasih Prabu Dahana Déwa kadatangan putuna nyaéta Bangbang Jaya Sumpena nu tutas ngalap élmu ngulik pangarti ti pasantrén. Bangbang Jaya Sumpena téh bakal diistrénan jadi Raja Tirtadahana. Dina sinéwaka hadir Patih Tirtasakti jeung Senapati Kalapideksa.
Sajeroning timbal wacana, Bangbang Jaya Sumpena nanyakeun ka akina, saha nu jadi bapana. Antukna akina ngabéjakeun yén nu jadi bapana Bangbang Jaya Sumpena téh Gatotkaca. Dina lampah néangan bapana, Bangbang Jaya Sumpena pasanggrok jeung rombongan Kurawa nu dipingpin ku Resi Dorna. Jaya Sumpena ditipu ku Resi Dorna ngeunaan bapana jeung kulawargana. Dina hal ieu Resi Dorna boga maksud hayang ngadukeun kulawarga Pandawa.
Carios salajengna ... mangga bandungan dugi ka réngsé. Cag!
Повторяем попытку...
Доступные форматы для скачивания:
Скачать видео
-
Информация по загрузке: