Wayang Golek GH2 Rebahna Sopala (Video Live) - H. Ade Kosasih Sunarya
Автор: Akoer Lah
Загружено: 2021-05-28
Просмотров: 51528
Описание:
Tema : Upaya pelestarian kesenian wayang golek melalui media sosial.
Vidéo pagelaran wayang golék Giri Harja 2 pingpinan dalang H. Ade Kosasih Sunarya ieu mangrupakeun aplod ulang nu saméméhna dibagi dua bagéan. Ayeuna mah full vidéo ogé full gambar videona. Sihoréng pagelaran wayang golék ieu aya dua judul. Nu kahiji ngalalakonkeun rebahna Sopala. Nu kadua ruwatan pamundut nu gaduh hajat dina lalakon Ruwatan Batara Kala di Desa Cihideung Kec. Parongpong Kab. Bandung Barat. Mung pagelaran ieu masih can kapaluruh taun sabaraha. Aya kamungkinan pagelaran antara taun 1990 – 1995. Kapireng aya sora juru tempas nyaéta Mang Asép Ana. Mémang dalang Ade Kosasih Sunarya jarang pisan vidéo panggungna nu diaplod ka internét, seuseueurna dina format audio kasét.
=========================
Lakon nu kahiji nyaritakeun riungan di Karaton Indrapahasta Amarta. Harita karaton Indraprahasta karék anyar diwangun. Caritana dina awal lalakon ieu rék dilaksanakeun gunting pita peresmian karaton. Kadang warga Pandawa diarundang saperti ti Wirata, Cempalareja, Mandura, Mandaraka, Talkanda, ogé wawakil ti Astina Resi Dorna. Prabu Anom Yudistira ngarasa bingung saha nu dipercaya ngagunting pita ogé nginum anggur sawarga maniloka paméré déwa. Antukna Yudistira mercayakeun nu bakal ngaresmikeun ogé nginum anggur sawarga nyaéta Batara Kresna nu dianggap gedé jasana ka Pandawa. Tapi waktu Batara Kresna rék nginum anggur sawarga, aya nu ngajorowok diantara tamu undangan nyaéta Sopala. Naon sababna Sopa teu satuju? Mangga bandungan wé dugi ka réngsé kalebet lakon Ruwatan Batara Kala.
Повторяем попытку...
Доступные форматы для скачивания:
Скачать видео
-
Информация по загрузке: