Wayang Golek GH3 Semar Begér (Audio Panggung, 2005) - H. Asep Sunandar Sunarya
Автор: Akoer Lah
Загружено: 2022-02-05
Просмотров: 27780
Описание:
Tema : Upaya pelestarian kesenian wayang golek melalui media sosial.
Wayang golék Giriharja 3 pingpinan Ki Dalang H. Asep Sunandar ieu mangrupakeun rékaman audio waktu ngagejrak di Cidadap Girang (Ledeng) Bandung Utara bulan September 2005.
Ngeunaan eusi carita lalakon ieu rupina tos pada aruninga. Di Kampung Tumaritis Desa Tegal Gorowong di wewengkon Madukara Amarta, Semar Lurah Kudapawana boga maksud hayang mileuleuheungkeun wanoja di pertapan Banyu Kancana, ngaranna Dewi Nilaningrum. Tapi ku anak-anakna, Astrajingga & Dawala dicaram, da bapana téh tos gaduh bojo nu teu kurang geulisna.
Tapi karep Semar teu bisa dihulag. Tetep rék ngajugjug pertapan Banyu Kancana ngalamar Dewi Nilaningrum. Dina carita ieu, saperti biasa muncul musuh kabuyutan Semar nyaéta Sanghiang Rancasan nu nyamar jadi raja denawa Selabengka nu sarua hayang mileuleuheungkeun Dewi Nilaningrum (nu taya lain ti wujud pusaka Layang Jamus Kalimusada).
Carios salajengna mah mangga bandungan dugi ka réngsé. Cag!
Повторяем попытку...
Доступные форматы для скачивания:
Скачать видео
-
Информация по загрузке: