Wayang Golek GH3 Kusumaning Ayu Pujaningrum (Audio Panggung, 2006) - H. Asep Sunandar Sunarya
Автор: Akoer Lah
Загружено: 2021-07-17
Просмотров: 85074
Описание:
Tema : Upaya pelestarian kesenian wayang golek melalui media sosial.
Pagelaran wayang golék Giriharja 3 pingpinan dalang H. Asép Sunandar Sunarya ieu mangrupakeun rékaman audio panggung waktu ngagejrak di Alun-alun GGM Majalengka tanggal 7 Juni 2006. Dina raraga Ulang Taun ka-516 Majalengka.
====================
Awal carita. Sinigeug di karaton karajaan kajinan Selabengka, Prabu Gandakamurka atawa Prabu Gordapati ngayakeun sawala jeung Patih Gordadenta, oge Senopati Kalapideksa. Inti sawala nyaéta Sang Naléndra sono pisan hayang panggih jeung putrina, Kusumaning Ayu Pujaningrum. Sedengkeun sang putri téh keur masantrén di Padépokan Banyu Mudal nu diasuh ku pandita Banyu Sukma, dibantu ku Brajasakti. Ngan masalahna, sang putri téh embungeun balik, kalah ngaku bapa ka sang pandita.
Kukituna, Sang Naléndra Gordapati ngajurungan patihna pikeun maksa balik putrina nu keur masantrén di Banyu Mudal kumaha waé carana. Sihoréng sang putri Pujaningrum téh aya nu rék mileuleuheungkeun nyaéta putra Raja Astina. Utusan ti Astina téh diwakilan ku Resi Dorna, ngajugjug ka padépokan Banyu Mudal. Tapi sang putri nolak. Antukna padépokan Banyu Mudal digempur ku wadyabalad Astina.
Lalakon ieu jejerna mirip jeung lalakon Resi Kanda Wibawa, Resi Gandasuta atawa Panca Sakti. Carios lengkepna mangga bandungan dugi ka réngsé. Cag!.
Повторяем попытку...
Доступные форматы для скачивания:
Скачать видео
-
Информация по загрузке: